Alahmdulillah sakedap deui Jia, bade dua bulan. Pancegna kaping 17 Mei 2012 engke. Tah kin mah upami tos liburan sakola Jia bade dibantun ka Cianjur, pan ayeuna mah masih keneh di Sayati di rorompok Nenena. Ayeuna mah Jia teh tos jarang begadang, saurna mamahna teh. Da eta we geuning pami gugah wengi teh sok rada tunduh mamahna teh. Tapi ayeuna mah sok ngawitan resep ameng siang. Malah ayeuna mah resep diayun ambing dugi ka mamahna beurateun pami lami-lami teuing ngaisna teh. Insya Alloh kin kaping 16 Mei 2012 kuring ka Bandung hoyong tepang ka pun anak sareng pun bojo. Pami dijudulan caran carita pondok mah judulna teh 'Tos Sono Pisan'.